Widget HTML Atas

Contoh Soal PAS Bahasa Sunda Kelas X SMA

Contoh Soal PAS Bahasa Sunda Kelas X SMA

Berikut adalah contoh soal Penilaian Akhir Semester (PAS) mata pelajaran Bahasa Sunda SMA.

1. “Saya bangga bisa masuk ke salah satu universitas yang berada di Bandung”
Di handap ieu mangrupa ungkara nu merenah pikeun tarjamahan di luhur, nyaéta...
a. Kuring bangga bisa asup ka salah sahiji universitas nu aya di Bandung
b. Kuring bangga bisa asup ka paguron luhur nu aya di Bandung
c. Kuring reueus bisa asup ka universitas nu aya di Bandung
d. Kuring reueus bisa asup ka salah sahiji universitas nu aya di Bandung
e. Kuring reueus bisa asup ka salah sahiji paguron luhur nu aya di Bandung

2. “........tidak ada jalan alternatif di sekitar lokasi sehingga kendaraan terjebak berjam-jam.”
Tarjamahan basa Sunda nu merenah tina kalimah di luhur nyaéta.....
a. “.....henteu aya jalan alternatip di sakitar lokasi sahingga kandaraan  kajebak sababaraha jam.”
b. “.....teu aya jalan panakulan di sabudeureun éta tempat anu antukna kandaraan kapahung mang jam-jam.”
c. “....henteu aya jalan séjénna di éta tempat sahingga kandaraan téh teu bisaeun kamana-mana kajebak sababaraha jam.”
d. “....moal aya deui jalan di éta tempat nepi ka mobil moal bisa jalan salilana.”
e. “....hésé pisan jalan di éta tempat mah, mobil moal bisa jalan mangjam-jam.”

3. Kuring mah teu nginjeum ceuli teu nginjeum panon, enya manéhna téh tadi indit tumpak beus kota Jurusan Lédeng-Leuwipanjang.
Upama dina basa Indonésia, ungkara basa nu digurat handap sawanda jeung....
a. Melihat dengan mata kepala sendiri
b. Melihat dengan mata dan kepala sendiri
c. Tidak meminjam telinga maupun mata
d. Tidak meminjam telinga tidak meminjam mata
e. Tidak meminjam tellinga juga mata

4. “Puji sinareng sukur sumangga urang sanggakeun ka Gusti nu Maha suci, sahingga urang bisa riung mungpulung dina ieu acara dina kaayaan séhat walafiat.”
Kecap nu teu merenah dina éta kalimah nyaéta....
a. Puji sinareng sukur
b. Maha Suci
c. Sahingga
d. Riung mungpulung
e. Séhat walafiat

5. Kata orang-orang ayahku keturunan ningrat.
Kalimah tarjamahan basa Sunda nu merenah tina kalimah di luhur nyaéta....
a. Ceuk batur mah pun bapa téh katurunan ningrat.
b. Ceuk batur mah pun bapa téh turunan ningrat.
c. Ceuk batur mah pun rama téh katurunan ningrat.
d. Ceuk batur mah pun rama téh turunan ningrat.
e. Ceuk batur mah pun bapa téh tungturunan ningrat.

6. Dengan naiknya harga BBM, banyak sopir angkot yang mengeluh.
Kalimah tarjamahan basa Sunda nu merenah tina kalimah di luhur nyaéta....
a. Ku naékna harga BBM, loba supir angkot nu ngeluh.
b. Ku naékna harga BBM, loba supir angkot nu ngangluh.
c. Jeung naékna harga BBM, loba supir angkot nu ngeluh.
d. Jeung naékna harga BBM, loba supir angkot nu ngangluh.
e. Ku naékna harga BBM, loba sopir angkot nu ngeluh.

7. Sekolah tersebut memberikan beasiswa terhadap siswanya.
Kalimah tarjamahan basa Sunda nu merenah tina kalimah di luhur nyaéta....
a. Sakola kasebut méré béasiswa ka muridna.
b. Sakola éta méré béasiswa ka muridna.
c. Éta sakola méré béasiswa ka muridna.
d. Sakola éta maparin béasiswa ka muridna.
e. Éta sakola maparin béasiswa ka muridna.

8. Setiap orang mempunyai hak untuk menyatakan pendapat.
Kalimah tarjamahan basa Sunda nu merenah tina kalimah di luhur nyaéta....
a. Unggal jalma miboga hak pikeun ngébréhkeun pamadeganana.
b. Unggal jalmi miboga hak pikeun ngébréhkeun pendapatna.
c. Unggal jalma ngabogaan hak pikeun ngébréhkeun pendapatna.
d. Unggal jalmi ngabogaan hak pikeun ngébréhkeun pamadeganana.
e. Unggal jalma miboga hak pikeun ngébréhkeun pendapatna.

9. Setiap tahun angka pengangguran semakin bertambah.
Kalimah tarjamahan basa Sunda nu merenah tina kalimah di luhur nyaéta....
a. Unggal taun angka pangangguran beuki nambahan.
b. Unggal taun angka anu nganggur beuki nambahan.
c. Unggal taun angka pengangguran beuki nambahan.
d. Unggal taun pangangguran beuki nambahan.
e. Unggal taun jumlah anu nganggur beuki nambahan.

10. Kekayaan budaya kita merupakan modal untuk menarik wiasatawan asing.
Kecap nu teu kudu ditarjamahkeun dina éta kalimah nyaéta....
a. Kekayaan
b. Merupakan
c. Modal
d. Menarik
e. Untuk

Ku lantaran ambek jeung apal yén Dayang Sumbi geus ngagagalkeun rencanana, teu antaparah deui parahu anu geus méh réngsé téh ditajong ku Sangkuriang nepi ka nangkubna. Éta parahu nangkub téh robah Gunung Tangkuban Parahu. Ari tunggul-tunggul kai anu dituaran ku Sangkuriang keur bahan nyieun parahu téa ayeuna katelah Bukit Tunggul.
11. Dumasar kana papasinganana, sempalan dongéng di luhur kaasup kana...
a. Sasatoan
b. Parabel
c. Mitos
d. Sasakala
e. Babad

“Si Hideung muka buntelanana, horéng eusina téh waluh batik sagedé hulu. Éta waluh ku manéhna dibantingkeun kana batu téa bray beulah. Janggélék Si Hideung jadi satria kasép. Jleg nagara, jelema pahibut, pasar ramé ku nu daragang jeung nu baralanja, imah paragpag, karaton agréng ngajenggléng.”
12. Dina sempalan dongéng di luhur kaasup kana ciri...

a. Ngandung amanat
b. Sumebarna sacara lisan
c. Anonim
d. Pamohalan
e. Sok aya babandinganana jeung dongéng séjén di tempat séjén

13. Titénan kalimah di handap!
1) Sumebarna sacara lisan
2) Caritana pamohalan
3) Wangun prosa
4) Anonim
5) Dikarang maké patokan pupuh
6) Wangun ugeran
Dina kalimah di luhur mana nu kaasup kana ciri-ciri dongéng?
a. 1,2,4
b. 1,2,5
c. 2,4,5
d. 3,4,6
e. 4,5,6

14. Mana sempalan dongéng di handap nu kaasup kana dongéng sasakala?
a. Caritana éta dua sobat téh geus marelak cau. Sakadang Kuya melak anak cau, ari Sakadang Monyét melak Jantungna
b. Jol Sakadang Maung manggul suluh, tuluy dibugbrugkeun kana awak Sakadang Kuya.
c. Dalem Boncél kacida kaduhungeunana, lantaran geus wani-wani ngusir kolotna. Ayeuna ku dirina karasa kumaha balukarna doraka ka nu jadi kolot. Manéhna nyegruk kanyenyerian bari nangkeup tetengger kuburan indung bapana.
d. Heunteu kanyahoan deui ti mana datangna cai, ngan léb wé pakarangan Nyi Endit téh geus kakeueum. Atuh kacida ribuutna, jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé.
e. Tapi manéhna kacalétot ngomong. Maksudna hayang loba duit, ari pok bet hayang loba ceuli. Barang keleweng téh batu dialungkeun, ngan breng baé awakna pinuh ku ceuli. Mani kawas tunggul anu pinuh ku lémbér.

15. Sasahiji ciri dongéng nyéta ngandung unsur atikan. Mana sempalan dongéng di handap nu ngagambarkeun ayana unsur atikan?
a. Si Oray Kuda anu salawasna jali sarta galak sok ngahakan jelema, sarta matih pisan peurahna, lengas-lengis ka SI Aki ménta ditulungan, sieun génghék kaduruk.
b. Aki-aki teu éléh akal, “Tadi Oray ngajak ka Hakim. Ari Hakim mah teu kaci saksina ngan saurang, tapi kudu tilu!”
c. Aya aku-aku pada miasih, mikaresep lantaran bageur. Resep nulung ka nu butuh, nalang ka nu susah, nganteur ka nu sieun jeung keueung, mun teu ku harta banda, ku tanaga atawa ku du’a.
d. “His,” ceuk aki-aki,”Atuda éta mah bagéan manusa ti Pangéran. Sakur nu kumelip di dunya keur manusa.
e. Ceuk Oray Kuda ka aki-aki, “Heug atuh urang néangan deui. Tuh Tangkal Kupa urang tanya!”

No comments for "Contoh Soal PAS Bahasa Sunda Kelas X SMA"